登入選單
返回Google圖書搜尋
註釋

Taya anu bireuk, sebutkeun wae: "Ajo Pitbul!" Moal salah 

nuduhkeun, rek nanya ka saha wae oge, asal anu remen idek liher di terminal; rek ka supir angkot, rek ka tukang ngamen, ka patugas anu tugasna nyoehan karcis peron. Moal dituduhkeun ka tukang cikopi, anu sarua ngaranna Ajo— urang Banjarsari. Atawa ka Ajo Luragung, urang Kuningan anu muka kios mie rebus.


Saha nu teu wawuh ka Ajo Pitbul, ditahanna geus dua kali. Wanian jiga bapana, tarik teunggeul kawas akina. Mun patorong-torong tara kungsi lila, sabab ituna kaburu ngudupruk manten. Dikurubut ku tiluan mah, ku bangsa kelas pepetekna, Ajo sok menta tambah. Dalah diincer ku patugas anu mawa pestol ge bisaeun keneh babalicetan. Di terminal, Ajo bedas lir sapi bali— saha nu wani?


[Pustaka Jaya, Dunia Pustaka Jaya, Tatang Sumarsono]