登入選單
返回Google圖書搜尋
註釋

Untuk versi cetak, silakan kunjungi: http://www.penerbitduta.com/read_resensi/2017/8/budak-singer-kelas-v-sdmi-kur-2013-revisi#.YWj-n1VByUk

Buku Budak Singer, Basa Sunda pikeun Murid SD/MI, mangrupa buku pangajaran basa Sunda anu dimekarkeun ngaliwatan pamarekan saintifik anu basisna téks.

Matéri dina ieu buku disusun pikeun ngawanohkeun basa jeung budaya Sunda ngaliwatan rupaning kagiatan anu dipidangkeun dina pangajaran. Pamarekan sains jeung konsep 5N (Nengetan-Nanya-Nyobaan-Nyangkem-Ngawangun jaringan) anu nyampak dina ieu buku, baris ngaping siswa dina ngawangun pangaweruhna.

Matéri disusun pikeun ngabantu siswa dina ngawangun jeung ngamekarkeun ajén inajén watekna, pangpangna anu patali jeung budaya Sunda. Ku kituna dipiharep siswa baris leuwih mikawanoh jeung neuleuman watek budaya Sunda sarta ngalaksanakeun dina kahirupan sapopoé.

Dilengkepan ku pangajén widang sikep spiritual jeung sikep sosial anu méré lolongkrang salega-legana pikeun ngayakeun komunikasi jeung gawé bareng antara guru (sakola) jeung kolot siswa, anu antukna kamajuan siswa enya-enya bisa katalingakeun ku sakola jeung kolot siswa.

Buku ini telah sesuai dengan KEPUTUSAN KEPALA DINAS PENDIDIKAN

PROVINSI JAWA BARAT Nomor 425.2/25392-SETDISDIK tentang Daftar

Buku Pelajaran Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa Sunda Jenjang

SD/MI, SMP/MTs., dan SMA/SMK/MA/MAK Berdasarkan Kurikulum 2013

Edisi Revisi 2017.